Sabtu, 22 Oktober 2011

Peupeujeuh Semar


Urang hirup di dunya teh moal lana moal salilana, cirina naon?? ieu wujud ditungtut ku waktu, awak diala ku mangsa, diri diciwitan ku wanci... dina harti urang sarerea, jumeneng di alam dunya teh hiji waktu bakal panggih jeung poe ahir, anu harti poe pamungkas, raga ditiggalkeun nyawa.. heueuh.. maot pingaraneunnana... Tah, dina lebah dieu balik we kana poko, yen urang salaku jalma nu hirup di alam dunya teh sabenerna mah ngagaduhan pancen ti nu kagungan urang ti anu murbeng alam.. naon ari pancenna urang teh?? mun nyokot tina katerangan mah, yen moal pati-pati pangeran ngayakeun jin jeung manusa lintang pikeun ngabdi ka Anjeunna, pikeun ibadah ka Anjeunna.. ari anu disebut ibadah teh migawe pagawean anu eta pagawean teh luyu jeung skenario jeung eta pagawean teh bakal ngahasilkeun salamet dunya jeung akherat... Kukituna urang kudu ngabuktikeun eta ibadah teh dina gawe, dina kahirupun urang sapopoe... sabab aya nu leuwih alus tibatan dakwah, naon? Nyaeta Amal...


Tah, tingali we kana sejarah,,moal bisa ngariung mungpulung kieu urang mun ningali napak tilas mah tanpa urang merdeka... nyoreang alam ka tukang, bisa munculna merdeka teh ieu teh tina amal-amal karuhun urang dina mangsa ngarebut kamerdekaan nagara tina tangan jajahan.. cirina, tuh tingali tutunggul nu perentul nu tugur di luhur kubur tetenger nu hempar di taman pahlawan eta teh lain tutungul tempat pamunjungan, tetengger tempat pamujaan tapi harewos beja ka urang sarerea nyaeta pikeun neruskeun bajoang di alam merdeka ku cara karya anu terpuji ku cara karya anu nyata... Jadi realisasina tina kamerdekaan ieu teh urang sarerea ge kudu bajoang ku amal-amal anu hade.. ulah loba saur tanpa bukur, ulah loba basa tanpa nyata da di jaman kiwari mah nu penting mah kanyataan.. Pok pek prak, pok nu ngomong pek pikiran prak gawean, kakara boga ngaran.. tina naon? Tina karya..


Jeung aya aneh jaman kiwari mah, baheula mah karuhun urang bajoang nepi katangkeup ku panjajah, blus kana lobang di bui... di bui di jariji beusi.. jelegur teh Merdeka.. ari kaluar tina pangbuian teh pada ngangkat jadi pajabat, tina di bui teh di dasi baheula mah.. tah ayeuna mah lain.. di dasi heula tuluy di bui.. ieu teh hiji beja nu nandakeun yen musibah jeung kajadian-kajadian nu kena ka nagara ieu teh mangrupa azab ti nu maha kawasa... tingali dina katerangan : “Mun maneh nyukurkeun kana nikmat kami, eta nikmat teh bakal nambah deui.. ngan sabalikna lamun maneh ingkar kana nikmat kami maneh bakal amprok jeung azab nu leuwih banget...”, dek nyalahkeun saha ?? ari bongan mah bongan bangkong.... bongan bangkong ka cai teu dimandikeun, bongan hirup loba bohong pasini teu jadikeun... bangkog dikongkorong kujang ka cai teu dicemeti, bongan hirup loba ngabokong ti tukang jangji teu ditepati..

0 komentar:

Posting Komentar